Sajak untuk Msikalisasi Puisi Bahasa Sunda

Musikalisasi Sajak Sunda

Kadeudeuh ti Akang
Karya : Rady Yusaniar
Gumuruh anu ngagandrum dina jero dada
Mikahayang nyarandekeun kadeudeuh
Ngaraosan seungitna cinta tulus ti salira
Ngaraosan herangna cai soca anu lungsur ku bagja ti salira

Sono kanyaah jeung kadeudeuh ti akang
Moal rugrug ku dahsyatna angin topan
Moal luntur ku cai hujan
Moal palid ku cai walungan

Kobarna cinta akang diluhureun mega beureum
Mimitina dina hate nu kapendem
Narimakeun diri salira hideung beureum
Nepika jiwa akang pareum

Ayeuna urng geus jadi saati
Kaasih siang jeung wengi
Bakal jadi cinta sajati
Moal katepak ku paitna pati


Bulan bentang nu jadi saksi medalna cinta urang
Neangan akang jeung salira
Mere bagja ti alam rasa
Mugi asih salamina

2 comments:

  1. itu artinya apa mas, saya bukan org sunda :D

    ReplyDelete
  2. ok gan kalo arti judulnya itu Rasa Sayang Dari Kamu(lelaki). kalo isinya pake aja kamus sunda online banuak ko gan.

    ReplyDelete

Terima Kasih Atas Komentar yang anda berikan. :D

Powered by Blogger.